Surah Al-Isra`
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
سُبْحٰنَ الَّذِيْٓ اَسْرٰى بِعَبْدِهٖ لَيْلًا مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَا الَّذِيْ بٰرَكْنَا حَوْلَهٗ لِنُرِيَهٗ مِنْ اٰيٰتِنَاۗ اِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ١
Subḥānal-lażī asrā bi‘abdihī lailam minal-masjidil ḥarāmi ilal-masjidil-aqṣal-lażī bāraknā ḥaulahū linuriyahū min āyātinā, innahū huwas-samī‘ul-baṣīr(u).
[1]
Mahasuci (Allah) anu geus miangkeun hamba-Na (Muhammad) ti wengi ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqsha anu geus diberkahan ku Kami sakurilingna 523 sangkan Kami ningalikeun ka anjeunna sabagian tanda-tanda (kakawasaan) Kami. Saleresna Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.
523) Masjidil Aqsa jeung wewengkon sabudeureunana téh sajaba taneuhna subur ogé remen dikintunan nabi ku Allah Swt.
وَاٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ وَجَعَلْنٰهُ هُدًى لِّبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اَلَّا تَتَّخِذُوْا مِنْ دُوْنِيْ وَكِيْلًاۗ٢
Wa ātainā mūsal-kitāba wa ja‘alnāhu hudal libanī isrā'īla allā tattakhiżū min dūnī wakīlā(n).
[2]
Kami geus maparinkeun ka Musa Kitab (Torét) sarta ngajadikeun éta kitab pituduh keur Bani Israél (ku dawuhan), “Omat maranéh ulah rék nyokot (panangtayungan) salian ti Kaula!”
ذُرِّيَّةَ مَنْ حَمَلْنَا مَعَ نُوْحٍۗ اِنَّهٗ كَانَ عَبْدًا شَكُوْرًا٣
Żurriyyata man ḥamalnā ma‘a nūḥ(in), innahū kāna ‘abdan syakūrā(n).
[3]
(Hé) turunan jalma-jalma anu geus dibawa ku Kami (dina parahu) babarengan jeung Nuh, sabenerna anjeunna téh hamba (Allah) anu pohara sukurna.
وَقَضَيْنَآ اِلٰى بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ فِى الْكِتٰبِ لَتُفْسِدُنَّ فِى الْاَرْضِ مَرَّتَيْنِ وَلَتَعْلُنَّ عُلُوًّا كَبِيْرًا٤
Wa qaḍainā ilā banī isrā'īla fil-kitābi latufsidunna fil-arḍi marrataini wa lata‘lunna ‘uluwwan kabīrā(n).
[4]
Kami geus netepkeun ka Bani Israél dina éta Kitab (Torét), “Maranéh bener-bener bakal nyieun karuksakan di ieu bumi dua kali jeung bakal garumedé (tur) pohara adigungna.
فَاِذَا جَاۤءَ وَعْدُ اُوْلٰىهُمَا بَعَثْنَا عَلَيْكُمْ عِبَادًا لَّنَآ اُولِيْ بَأْسٍ شَدِيْدٍ فَجَاسُوْا خِلٰلَ الدِّيَارِۗ وَكَانَ وَعْدًا مَّفْعُوْلًا٥
Fa iżā jā'a wa‘du ūlāhumā ba‘aṡnā ‘alaikum ‘ibādal lanā ulī ba'sin syadīdin fa jāsū khilālad-diyār(i), wa kāna wa‘dam maf‘ūlā(n).
[5]
Tah upama geus datang mangsa (karuksakan) anu kahiji tina éta dua (karuksakan), Kami ngutus ka maranéh hamba-hamba Kami anu pohara rongkah kakuatanana, tuluy maranéhna ngagalaksak di lembur-lembur. Éta téh jangji nu pasti laksana.
ثُمَّ رَدَدْنَا لَكُمُ الْكَرَّةَ عَلَيْهِمْ وَاَمْدَدْنٰكُمْ بِاَمْوَالٍ وَّبَنِيْنَ وَجَعَلْنٰكُمْ اَكْثَرَ نَفِيْرًا٦
Ṡumma radadnā lakumul-karrata ‘alaihim wa amdadnākum bi'amwāliw wa banīna wa ja‘alnākum akṡara nafīrā(n).
[6]
Tuluy Kami méré ka maranéh giliran pikeun ngéléhkeun maranéhna, maparin ka maranéh harta banda jeung anak-anak, jeung ngajadikeun maranéh golongan anu leuwih gedé.
اِنْ اَحْسَنْتُمْ اَحْسَنْتُمْ لِاَنْفُسِكُمْ ۗوَاِنْ اَسَأْتُمْ فَلَهَاۗ فَاِذَا جَاۤءَ وَعْدُ الْاٰخِرَةِ لِيَسٗۤـُٔوْا وُجُوْهَكُمْ وَلِيَدْخُلُوا الْمَسْجِدَ كَمَا دَخَلُوْهُ اَوَّلَ مَرَّةٍ وَّلِيُتَبِّرُوْا مَا عَلَوْا تَتْبِيْرًا٧
In aḥsantum aḥsantum li'anfusikum, wa in asa'tum fa lahā, fa iżā jā'a wa‘dul-ākhirati liyasū'ū wujūhakum wa liyadkhulal-masjida kamā dakhalūhu awwala marratiw wa liyutabbirū mā ‘alau tatbīrā(n).
[7]
Lamun nyieun kahadéan, (hartina) maranéh nyieun kahadéan keur diri maranéh sorangan. Lamun maranéh nyieun kagoréngan, nya (akibatna bakal tumiba) ka diri (maranéh sorangan). Nalika datang mangsa (karuksakan) anu kadua, (Kami bakal ngadatangkeun musuh-musuh maranéh) pikeun ngaruksak beungeut-beungeut maranéh jeung supaya maranéhna asup deui ka Masjid (Baitul Maqdis) sakumaha waktu maranéhna kungsi asup ka éta masjid nu munggaran, jeung supaya maranéhna ngabinasakeun sakur anu dikawasa ku maranéhna.
عَسٰى رَبُّكُمْ اَنْ يَّرْحَمَكُمْۚ وَاِنْ عُدْتُّمْ عُدْنَاۘ وَجَعَلْنَا جَهَنَّمَ لِلْكٰفِرِيْنَ حَصِيْرًا٨
‘Asā rabbukum ay yarḥamakum, wa in ‘uttum ‘udnā, wa ja‘alnā jahannama lil-kāfirīna ḥaṣīrā(n).
[8]
Muga-muga Pangéran maranéh maparin rahmat ka maranéh. Tapi, lamun seug maranéh balik deui (kana kadorakaan), tangtu Kami ogé bakal balik deui (nyiksa maranéh), sarta Kami ngajadikeun Jahanam panjara keur jalma-jalma kapir.
اِنَّ هٰذَا الْقُرْاٰنَ يَهْدِيْ لِلَّتِيْ هِيَ اَقْوَمُ وَيُبَشِّرُ الْمُؤْمِنِيْنَ الَّذِيْنَ يَعْمَلُوْنَ الصّٰلِحٰتِ اَنَّ لَهُمْ اَجْرًا كَبِيْرًاۙ٩
Inna hāżal-qur'āna yahdī lil-latī hiya aqwamu wa yubasysyirul-mu'minīnal-lażīna ya‘malūnaṣ-ṣāliḥāti anna lahum ajran kabīrā(n).
[9]
Sabenerna ieu Al-Qur’an téh nuduhkeun kana (jalan) anu leuwih panceg, ogé maparin béja kabungah ka jalma-jalma mu’min anu milampah amal-amal soléh, yén sabenerna pikeun aranjeunna téh ganjaran nu pohara badagna;
وَّاَنَّ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ اَعْتَدْنَا لَهُمْ عَذَابًا اَلِيْمًا ࣖ١٠
Wa annal-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati a‘tadnā lahum ‘ażāban alīmā(n).
[10]
Jeung yén sabenerna pikeun jalma-jalma anu henteu iman kana (kahirupan) ahérat mah, Kami sadiakeun pikeun maranéhna siksaan nu pohara nyerina.
وَيَدْعُ الْاِنْسَانُ بِالشَّرِّ دُعَاۤءَهٗ بِالْخَيْرِۗ وَكَانَ الْاِنْسَانُ عَجُوْلًا١١
Wa yad‘ul-insānu bisy-syarri du‘ā'ahū bil-khair(i), wa kānal-insānu ‘ajūlā(n).
[11]
Manusa téh sok ngadoa pikeun (meunangkeun) kagoréngan sakumaha manéhna ngadoa pikeun (meunangkeun) kahadéan. Manusa téh (sipatna) mémang sok gurung gusuh.
وَجَعَلْنَا الَّيْلَ وَالنَّهَارَ اٰيَتَيْنِ فَمَحَوْنَآ اٰيَةَ الَّيْلِ وَجَعَلْنَآ اٰيَةَ النَّهَارِ مُبْصِرَةً لِّتَبْتَغُوْا فَضْلًا مِّنْ رَّبِّكُمْ وَلِتَعْلَمُوْا عَدَدَ السِّنِيْنَ وَالْحِسَابَۗ وَكُلَّ شَيْءٍ فَصَّلْنٰهُ تَفْصِيْلًا١٢
Wa ja‘alnal-laila wan-nahāra āyataini fa maḥaunā āyatal-laili wa ja‘alnā āyatan-nahāri mubṣiratal litabtagū faḍlam mir rabbikum wa lita‘lamū ‘adadas-sinīna wal-ḥisāb(a), wa kulla syai'in faṣṣalnāhu tafṣīlā(n).
[12]
Kami ngajadikeun peuting jeung beurang minangka dua tanda (kakawasaan Kami). Kami ngaleungitkeun tanda peuting jeung ngajadikeun tanda beurang téh anu nyaangan, sangkan maranéh (bisa) nyiar kurnia Gusti Pangéran maranéh, jeung sangkan maranéh (bisa) nyaho kana wilangan taun-taun jeung (élmu) hisab. Sagala hal geus Kami terangkeun kalayan rinci.
وَكُلَّ اِنْسَانٍ اَلْزَمْنٰهُ طٰۤىِٕرَهٗ فِيْ عُنُقِهٖۗ وَنُخْرِجُ لَهٗ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ كِتٰبًا يَّلْقٰىهُ مَنْشُوْرًا١٣
Wa kulla insānin alzamnāhu ṭā'irahū fī ‘unuqih(ī), wa nukhriju lahū yaumal-qiyāmati kitābay yalqāhu mansyūrā(n).
[13]
Unggal manusa geus Kami kongkorongkeun (catetan) laku lampahna dina beuheungna. Dina Poé Kiamat Kami bakal ngaluarkeun keur manéhna hiji buku catetan anu bakal kapanggih ku manéhna dina kaayaan kabuka.
اِقْرَأْ كِتٰبَكَۗ كَفٰى بِنَفْسِكَ الْيَوْمَ عَلَيْكَ حَسِيْبًاۗ١٤
Iqra' kitābak(a), kafā binafsikal-yauma ‘alaika ḥasībā(n).
[14]
Pék geura baca buku (catetan amal) manéh! Cukup diri manéh sorangan dina ieu poé nu ngahisab ka diri manéh sorangan.
مَنِ اهْتَدٰى فَاِنَّمَا يَهْتَدِيْ لِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ ضَلَّ فَاِنَّمَا يَضِلُّ عَلَيْهَاۗ وَلَا تَزِرُ وَازِرَةٌ وِّزْرَ اُخْرٰىۗ وَمَا كُنَّا مُعَذِّبِيْنَ حَتّٰى نَبْعَثَ رَسُوْلًا١٥
Manihtadā fa innamā yahtadī linafsih(ī), wa man ḍalla fa innamā yaḍillu ‘alaihā, wa lā taziru wāziratuw wizra ukhrā, wa mā kunnā mu‘ażżibīna ḥattā nab‘aṡa rasūlā(n).
[15]
Saha baé anu milampah saluyu jeung pituduh (Allah), nya sabenerna éta téh keur (kasalametan) dirina sorangan. Saha baé anu sasar, nya sabenerna éta (karugianana) téh keur dirina sorangan. Jalma anu migawé dosa moal bisa nanggung dosa anu séjén, tapi Kami moal nyiksa saméméh ngutus saurang rasul.
وَاِذَآ اَرَدْنَآ اَنْ نُّهْلِكَ قَرْيَةً اَمَرْنَا مُتْرَفِيْهَا فَفَسَقُوْا فِيْهَا فَحَقَّ عَلَيْهَا الْقَوْلُ فَدَمَّرْنٰهَا تَدْمِيْرًا١٦
Wa iżā aradnā an nuhlika qaryatan amarnā mutrafīhā fa fasaqū fīhā fa ḥaqqa ‘alaihal-qaulu fa dammarnāhā tadmīrā(n).
[16]
Lamun seug Kami ngersakeun pikeun ngabinasakeun hiji nagri, Kami paréntahkeun para gegedén (éta nagri) anu hirupna méwah (supaya taat ka Allah), tapi lamun seug maranéhna (terus baé) doraka di éta nagri, nya (geus kitu mah) pantes baé lumaku siksa Kami keur maranéhna, tuluy Kami ngabinasakeun (éta nagri) sama sakali.
وَكَمْ اَهْلَكْنَا مِنَ الْقُرُوْنِ مِنْۢ بَعْدِ نُوْحٍۗ وَكَفٰى بِرَبِّكَ بِذُنُوْبِ عِبَادِهٖ خَبِيْرًاۢ بَصِيْرًا١٧
Wa kam ahlaknā minal-qurūni mim ba‘di nūḥ(in), wa kafā birabbika biżunūbi ‘ibādihī khabīram baṣīrā(n).
[17]
Geus kacida lobana umat manusa sabada Nuh anu geus dibinasakeun ku Kami. Cukup Pangéran anjeun Nu Mahauninga (tur) Maha Ningali kana dosa hamba-hamba-Na.
مَنْ كَانَ يُرِيْدُ الْعَاجِلَةَ عَجَّلْنَا لَهٗ فِيْهَا مَا نَشَاۤءُ لِمَنْ نُّرِيْدُ ثُمَّ جَعَلْنَا لَهٗ جَهَنَّمَۚ يَصْلٰىهَا مَذْمُوْمًا مَّدْحُوْرًا١٨
Man kāna yurīdul-‘ājilata ‘ajjalnā lahū fīhā mā nasyā'u liman nurīdu ṡumma ja‘alnā lahū jahannam(a), yaṣlāhā mażmūmam madḥūrā(n).
[18]
Saha baé anu ngaharepkeun kahirupan nu ayeuna (dunya), Kami bakal ngaheulakeun keur manéhna di ieu (dunia) sakur anu dikersakeun ku Kami ka saha baé anu dikersakeun ku Kami, tuluy Kami sadiakeun keur maraéhna (di ahérat) naraka Jahanam. Manéhna bakal tigebrus ka éta (naraka) dina kaayaan dihina (tur) diusir (tina rahmat Allah).
وَمَنْ اَرَادَ الْاٰخِرَةَ وَسَعٰى لَهَا سَعْيَهَا وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَاُولٰۤىِٕكَ كَانَ سَعْيُهُمْ مَّشْكُوْرًا١٩
Wa man arādal-ākhirata wa sa‘ā lahā sa‘yahā wa huwa mu'minun fa ulā'ika kāna sa‘yuhum masykūrā(n).
[19]
Saha baé anu ngaharepkeun kahirupan ahérat sarta manéhna upaya satékah polah pikeun ngahontalna bari iman, nya maranéhna téh jalma-jalma anu upayana (bakal) diwales kalayan hadé
كُلًّا نُّمِدُّ هٰٓؤُلَاۤءِ وَهٰٓؤُلَاۤءِ مِنْ عَطَاۤءِ رَبِّكَ ۗوَمَا كَانَ عَطَاۤءُ رَبِّكَ مَحْظُوْرًا٢٠
Kullan numiddu hā'ulā'i wa hā'ulā'i min ‘aṭā'i rabbik(a), wa mā kāna ‘aṭā'u rabbika maḥẓūrā(n).
[20]
Ka unggal-unggal (golongan), boh ieu (nu miharep kahirupan dunya) atawa itu (nu miharep kahirupan ahérat), Kami maparin (ka maranéhna) bantuan jeung kamurahan Pangéran hidep. Kamurahan Pangéran hidep téh moal bisa dihalangan.
اُنْظُرْ كَيْفَ فَضَّلْنَا بَعْضَهُمْ عَلٰى بَعْضٍۗ وَلَلْاٰخِرَةُ اَكْبَرُ دَرَجٰتٍ وَّاَكْبَرُ تَفْضِيْلًا٢١
Unẓur kaifa faḍḍalnā ba‘ḍahum ‘alā ba‘ḍ(in), wa lal-ākhiratu akbaru darajātiw wa akbaru tafḍīlā(n).
[21]
Pék tingali kumaha Kami munjulkeun sawaréh maranéhna ti nu sawaréhna deui. Kahirupan ahérat téh leuwih gedé darajatna sarta leuwih gedé kautamaanana.
لَا تَجْعَلْ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَ فَتَقْعُدَ مَذْمُوْمًا مَّخْذُوْلًا ࣖ٢٢
Lā taj‘al ma‘allāhi ilāhan ākhara fa taq‘uda mażmūmam makhżūlā(n).
[22]
Omat hidep ulah rék netepkeun pangéran séjén salian ti Allah, anu balukarna hidep bakal dicela (tur) dihina.
۞ وَقَضٰى رَبُّكَ اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّآ اِيَّاهُ وَبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسٰنًاۗ اِمَّا يَبْلُغَنَّ عِنْدَكَ الْكِبَرَ اَحَدُهُمَآ اَوْ كِلٰهُمَا فَلَا تَقُلْ لَّهُمَآ اُفٍّ وَّلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُلْ لَّهُمَا قَوْلًا كَرِيْمًا٢٣
Wa qaḍā rabbuka allā ta‘budū illā iyyāhu wa bil-wālidaini iḥsānā(n), immā yabluganna ‘indakal-kibara aḥaduhumā au kilāhumā falā taqul lahumā uffiw wa lā tanhar humā wa qul lahumā qaulan karīmā(n).
[23]
Pangéran hidep geus maréntahkeun sangkan ulah rék nyembah iwal ka Mantenna, jeung kudu kumawula ka indung-bapa sahadé-hadéna. Saupama salah sahiji atawa duanana geus kolot pisan dina pangrawat anjeun, omat anjeun ulah rék ngucapkeun “his” jeung ulah rék nyentak, jeung kudu nyarita anjeun ka duanana ku caritaan anu sopan. 524
524) Ka ibu rama mah sok sanajan ngan ukur ngucapkeun “his” kacida pisan dipahingna ku Al-Qur’an, sabab éta téh matak nganyerikeun kana haté, sok komo deui lamun ngedalkeun kecap-kecap anu leuwih kasar tibatan éta, atawa hampang leungeun ka aranjeunna duaan. Éta kabéhanana téh kaasup lampah doraka anu kacida badag dosana.
وَاخْفِضْ لَهُمَا جَنَاحَ الذُّلِّ مِنَ الرَّحْمَةِ وَقُلْ رَّبِّ ارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيٰنِيْ صَغِيْرًاۗ٢٤
Wakhfiḍ lahumā janāḥaż-żulli minar-raḥmati wa qur rabbirḥamhumā kamā rabbayānī ṣagīrā(n).
[24]
Anjeun kudu handap asor ka aranjeunna duaan kalayan pinuh ku kadeudeuh, sarta pék doakeun, “Nun Gusti Pangéran abdi, paparin kanyaah ka aranjeunna duaan, sapertos aranjeunna duaan parantos ngadidik abdi waktos abdi nuju alit kénéh.”
رَبُّكُمْ اَعْلَمُ بِمَا فِيْ نُفُوْسِكُمْ ۗاِنْ تَكُوْنُوْا صٰلِحِيْنَ فَاِنَّهٗ كَانَ لِلْاَوَّابِيْنَ غَفُوْرًا٢٥
Rabbukum a‘lamu bimā fī nufūsikum, in takūnū ṣāliḥīna fa innahū kāna lil-awwābīna gafūrā(n).
[25]
Pangéran aranjeun langkung uninga kana gerentes haté aranjeun. Saupama aranjeun (daék) jadi jalmi-jalmi anu soléh, nya saenyana Mantenna téh Maha Jembar-pangampura ka jalma-jalma anu tobat.
وَاٰتِ ذَا الْقُرْبٰى حَقَّهٗ وَالْمِسْكِيْنَ وَابْنَ السَّبِيْلِ وَلَا تُبَذِّرْ تَبْذِيْرًا٢٦
Wa āti żal-qurbā ḥaqqahū wal-miskīna wabnas-sabīli wa lā tubażżir tabżīrā(n).
[26]
Pék geura bikeun ka dulur anjeun anu deuheus hakna, (ogé ka) pakir miskin jeung musapir, tapi omat ulah ngahambur-hamburkeun (harta).
اِنَّ الْمُبَذِّرِيْنَ كَانُوْٓا اِخْوَانَ الشَّيٰطِيْنِ ۗوَكَانَ الشَّيْطٰنُ لِرَبِّهٖ كَفُوْرًا٢٧
Innal-mubażżirīna kānū ikhwānasy-syayāṭīn(i), wa kānasy-syaiṭānu lirabbihī kafūrā(n).
[27]
Saenyana jalma-jalma anu sok ngahambur-hamburkeun (harta) mah baladna sétan. Apan sétan téh kacida ingkar ka Pangéranana.
وَاِمَّا تُعْرِضَنَّ عَنْهُمُ ابْتِغَاۤءَ رَحْمَةٍ مِّنْ رَّبِّكَ تَرْجُوْهَا فَقُلْ لَّهُمْ قَوْلًا مَّيْسُوْرًا٢٨
Wa immā tu‘riḍanna ‘anhumubtigā'a raḥmatim mir rabbika tarjūhā faqul lahum qaulam maisūrā(n).
[28]
Lamun (teu mampu ngabantu nepi ka) anjeun (kapaksa) ngaléos ti maranéhna pikeun ngalap rahmat ti Pangéran anjeun anu kacida dipiharepna, sok atuh kedalkeun ka maranéhna kecap anu pantes. 525
525) Maksudna lamun anjeun can bisa nedunan hakna dulur anjeun anu deuheus, pakir miskin, jeung musapir, mangka ucapkeun baé kecap-kecap anu pantes, anu matak pikabungaheun jeung teu matak nyeri haté, anu dibarengan ku upaya satékah polah néangan rejeki anu halal sangkan hiji mangsa bisa nedunan hak-hak maranéhna.
وَلَا تَجْعَلْ يَدَكَ مَغْلُوْلَةً اِلٰى عُنُقِكَ وَلَا تَبْسُطْهَا كُلَّ الْبَسْطِ فَتَقْعُدَ مَلُوْمًا مَّحْسُوْرًا٢٩
Wa lā taj‘al yadaka maglūlatan ilā ‘unuqika wa lā tabsuṭhā kullal-basṭi fa taq‘uda malūmam maḥsūrā(n).
[29]
Poma hidep ulah ngajadikeun leungeun hidep katalikung dina punduk hidep (medit), ogé ulah béréhan teuing, engké (lamun kitu) hidep bakal jadi jalma anu dipoyok (sabab pelit) (tur) kaduhung (sabab béréhan teuing).
اِنَّ رَبَّكَ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيَقْدِرُ ۗاِنَّهٗ كَانَ بِعِبَادِهٖ خَبِيْرًاۢ بَصِيْرًا ࣖ٣٠
Inna rabbaka yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u wa yaqdir(u), innahū kāna bi‘ibādihī khabīram baṣīrā(n).
[30]
Saenyana Pangéran hidep téh (bisa) ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun rejeki saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Saenyana Mantenna téh Mahauninga (tur) Maha Ningali ka hamba-hamba-Na.
وَلَا تَقْتُلُوْٓا اَوْلَادَكُمْ خَشْيَةَ اِمْلَاقٍۗ نَحْنُ نَرْزُقُهُمْ وَاِيَّاكُمْۗ اِنَّ قَتْلَهُمْ كَانَ خِطْـًٔا كَبِيْرًا٣١
Wa lā taqtulū aulādakum khasy-yata imlāq(in), naḥnu narzuquhum wa iyyākum, inna qatlahum kāna khiṭ'an kabīrā(n).
[31]
Poma aranjeun ulah rék maéhan anak-anak aranjeun lantaran sieun sangsara. Kami anu bakal ngarejekianana jeung (ngarejekian) aranjeun. Saenyana maéhan maranéhna téh dosa anu kacida badagna.
وَلَا تَقْرَبُوا الزِّنٰىٓ اِنَّهٗ كَانَ فَاحِشَةً ۗوَسَاۤءَ سَبِيْلًا٣٢
Wa lā taqrabuz-zinā innahū kāna fāḥisyah(tan), wa sā'a sabīlā(n).
[32]
Poma aranjeun ulah rék ngadeukeutan jinah. Saenyana éta (pagawéan) téh pohara nistana tur jalan hirup nu kacida goréngna
وَلَا تَقْتُلُوا النَّفْسَ الَّتِيْ حَرَّمَ اللّٰهُ اِلَّا بِالْحَقِّۗ وَمَنْ قُتِلَ مَظْلُوْمًا فَقَدْ جَعَلْنَا لِوَلِيِّهٖ سُلْطٰنًا فَلَا يُسْرِفْ فِّى الْقَتْلِۗ اِنَّهٗ كَانَ مَنْصُوْرًا٣٣
Wa lā taqtulun-nafsal-latī ḥarramallāhu illā bil-ḥaqq(i), wa man qutila maẓlūman faqad ja‘alnā liwaliyyihī sulṭānan falā yusrif fil-qatl(i), innahū kāna manṣūrā(n).
[33]
Poma aranjeun ulah rék maéhan jalma anu geus diharamkeun ku Allah (maéhanana), kajaba kalayan alesan anu bener. 526 Saha baé anu dipaéhan ku cara dolim, saenyana Kami geus méré kakawasaaan ka walina, 527 tapi poma éta wali ulah rék kaleuleuwihi dina (males) maéhan, sabab saenyana manéhna téh (nyaéta wali anu teu kaleuleuwihi) bakal meunang pitulung.
526) Tingali catetan di surat al-An`ām/6:151.
527) Nu dimaksud kakawasaan di dieu nyaéta wali jalma anu dipaéhan atawa pamaréntah nu dibéré wewenang pikeun nuntut qisos atawa ménta diyat. Tingali ogé surat al-Baqarah/2:178 jeung surat an-Nisā'/4:92.
وَلَا تَقْرَبُوْا مَالَ الْيَتِيْمِ اِلَّا بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُ حَتّٰى يَبْلُغَ اَشُدَّهٗۖ وَاَوْفُوْا بِالْعَهْدِۖ اِنَّ الْعَهْدَ كَانَ مَسْـُٔوْلًا٣٤
Wa lā taqrabū mālal-yatīmi illā bil-latī hiya aḥsanu ḥattā yabluga asyuddah(ū), wa aufū bil-‘ahd(i), innal-‘ahda kāna mas'ūlā(n).
[34]
Poma aranjeun ulah rék ngadeukeutan harta budak yatim, kajaba (sakadar mangnguruskeun éta harta) ku cara anu leuwih hadé, nepi ka manéhna déwasa. Pék cumponan jangji aranjeun. Saenyana ari jangji mah pasti bakal dipénta tanggung jawabna.
وَاَوْفُوا الْكَيْلَ اِذَا كِلْتُمْ وَزِنُوْا بِالْقِسْطَاسِ الْمُسْتَقِيْمِۗ ذٰلِكَ خَيْرٌ وَّاَحْسَنُ تَأْوِيْلًا٣٥
Wa auful-kaila iżā kiltum wa zinū bil-qisṭāsil-mustaqīm(i), żālika khairuw wa aḥsanu ta'wīlā(n).
[35]
Pék pinuhan takeran lamun aranjeun keur naker jeung kadé kudu nimbang ku timbangan anu bener. Anu kitu téh leuwih alus tur leuwih hadé akibatna.
وَلَا تَقْفُ مَا لَيْسَ لَكَ بِهٖ عِلْمٌ ۗاِنَّ السَّمْعَ وَالْبَصَرَ وَالْفُؤَادَ كُلُّ اُولٰۤىِٕكَ كَانَ عَنْهُ مَسْـُٔوْلًا٣٦
Wa lā taqfu mā laisa laka bihī ‘ilm(un), innas-sam‘a wal-baṣara wal-fu'āda kullu ulā'ika kāna ‘anhu mas'ūlā(n).
[36]
Kadé hidep ulah rék nurutan perkara anu hidep sorangan teu ngarti. Saenyana pangdéngé, panénjo, jeung haté téh masing-masing bakal dipénta tanggung jawabna.
وَلَا تَمْشِ فِى الْاَرْضِ مَرَحًاۚ اِنَّكَ لَنْ تَخْرِقَ الْاَرْضَ وَلَنْ تَبْلُغَ الْجِبَالَ طُوْلًا٣٧
Wa lā tamsyi fil-arḍi marahā(n), innaka lan takhriqal-arḍa wa lan tablugal-jibāla ṭūlā(n).
[37]
Kadé hidep ulah lumampah di bumi bari gumedé, lantaran saenyana hidep téh moal bisa nembus bumi ogé moal bisa nyaruaan luhurna gunung.
كُلُّ ذٰلِكَ كَانَ سَيِّئُهٗ عِنْدَ رَبِّكَ مَكْرُوْهًا٣٨
Kullu żālika kāna sayyi'uhū ‘inda rabbika makrūhā(n).
[38]
Tah éta téh kabéhanana 528 kagoréngan anu dipikangéwa ku Pangéran hidep.
528) Maksudna sakabéh pagawéan anu dicegah dina ayat 22, 23, 26, 29, 31, 32, 33, 34, 36, jeung 37 (dina ieu surat).
ذٰلِكَ مِمَّآ اَوْحٰٓى اِلَيْكَ رَبُّكَ مِنَ الْحِكْمَةِۗ وَلَا تَجْعَلْ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَ فَتُلْقٰى فِيْ جَهَنَّمَ مَلُوْمًا مَّدْحُوْرًا٣٩
Żālika mimmā auḥā ilaika rabbuka minal-ḥikmah(ti), wa lā taj‘al ma‘allāhi ilāhan ākhara fa tulqā fī jahannama malūmam madḥūrā(n).
[39]
Tah éta téh sawaréh tina hikmah anu diwahyukeun ka hidep (Muhammad) ku Pangéran anjeun. Kadé hidep ulah rék netepkeun pangéran séjén salian ti Allah, anu balukarna hidep bakal digebruskeun kana jero naraka bari dijejeléh tur dijauhkeun (tina rahmat Allah).
اَفَاَصْفٰىكُمْ رَبُّكُمْ بِالْبَنِيْنَ وَاتَّخَذَ مِنَ الْمَلٰۤىِٕكَةِ اِنَاثًاۗ اِنَّكُمْ لَتَقُوْلُوْنَ قَوْلًا عَظِيْمًا ࣖ٤٠
Afa aṣfākum rabbukum bil-banīna wattakhaża minal-malā'ikati ināṡā(n), innakum lataqūlūna qaulan ‘aẓīmā(n).
[40]
Naha pantes kitu Pangéran maranéh mangmilihkeun anak lalaki pikeun maranéh, terus Mantenna nyandak (sababaraha) ti antara para malaikat (sangkan jadi) anak-anak awéwé-Na? Saenyana maranéh téh bener-bener ngucapkeun omongan nu pohara gedé (dosana).
وَلَقَدْ صَرَّفْنَا فِيْ هٰذَا الْقُرْاٰنِ لِيَذَّكَّرُوْاۗ وَمَا يَزِيْدُهُمْ اِلَّا نُفُوْرًا٤١
Wa laqad ṣarrafnā fī hāżal-qur'āni liyażżakkarū, wa mā yazīduhum illā nufūrā(n).
[41]
Saenyana Kami geus remen pisan nerangkeun dina ieu Al-Qur’an (pépéling) sangkan maranéhna éling. Tapi éta pépéling téh teu nambahan nanaon ka maranéhna mah iwal ti nambah jauh (tina bebeneran).
قُلْ لَّوْ كَانَ مَعَهٗ ٓ اٰلِهَةٌ كَمَا يَقُوْلُوْنَ اِذًا لَّابْتَغَوْا اِلٰى ذِى الْعَرْشِ سَبِيْلًا٤٢
Qul lau kāna ma‘ahū ālihatun kamā yaqūlūna iżal labtagau ilā żil-‘arsyi sabīlā(n).
[42]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Lamun seug (bener) aya pangéran-pangéran séjén di sagédéngeun Allah saperti nu diomongkeun ku maranéhna, tangtu éta pangéran-pangéran téh bakal naréangan jalan ka Pangéran anu kagungan Arsy (pikeun ngéléhkeun atawa nyaingan ka Mantenna).”
سُبْحٰنَهٗ وَتَعٰلٰى عَمَّا يَقُوْلُوْنَ عُلُوًّا كَبِيْرًا٤٣
Subḥānahū wa ta‘ālā ‘ammā yaqūlūna ‘uluwwan kabīrā(n).
[43]
Mahasuci Matenna tur Mahaluhur tina sagala rupa nu nu ku maranéhna sok diomongkeun, kalayan kaluhungan anu saluhur-luhurna.
تُسَبِّحُ لَهُ السَّمٰوٰتُ السَّبْعُ وَالْاَرْضُ وَمَنْ فِيْهِنَّۗ وَاِنْ مِّنْ شَيْءٍ اِلَّا يُسَبِّحُ بِحَمْدِهٖ وَلٰكِنْ لَّا تَفْقَهُوْنَ تَسْبِيْحَهُمْۗ اِنَّهٗ كَانَ حَلِيْمًا غَفُوْرًا٤٤
Tusabbiḥu lahus-samāwātus-sab‘u wal-arḍu wa man fīhinn(a), wa im min syai'in illā yusabbiḥu biḥamdihī wa lākil lā tafqahūna tasbīḥahum, innahū kāna ḥalīman gafūrā(n).
[44]
Tujuh lapis langit ogé bumi katut eusina pada tasbéh ka Mantenna. Henteu aya hiji ogé (ti antara maranéhna) anging maca tasbéh ku muji ka Mantenna, ngan aranjeun henteu ngarti kana tasbéhna. Saenyana Allah téh Mahasantun (tur) Maha Jembar-pangampura.
وَاِذَا قَرَأْتَ الْقُرْاٰنَ جَعَلْنَا بَيْنَكَ وَبَيْنَ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ حِجَابًا مَّسْتُوْرًاۙ٤٥
Wa iżā qara'tal-qur'āna ja‘alnā bainaka wa bainal-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati ḥijābam mastūrā(n).
[45]
Upama hidep (Muhammad) maca Al-Qur’an, Kami nyieun di antara hidep jeung jalma-jalma anu henteu iman kana ayana ahérat sabangsaning hahalang anu nutupan (panénjo maranéhna).
وَّجَعَلْنَا عَلٰى قُلُوْبِهِمْ اَكِنَّةً اَنْ يَّفْقَهُوْهُ وَفِيْٓ اٰذَانِهِمْ وَقْرًاۗ وَاِذَا ذَكَرْتَ رَبَّكَ فِى الْقُرْاٰنِ وَحْدَهٗ وَلَّوْا عَلٰٓى اَدْبَارِهِمْ نُفُوْرًا٤٦
Wa ja‘alnā ‘alā qulūbihim akinnatan ay yafqahūhu wa fī āżānihim waqrā(n), wa iżā żakarta rabbaka fil-qur'āni waḥdahū wallau ‘alā adbārihim nufūrā(n).
[46]
Kami geus nyieun tutup dina haté maranéhna (luyu jeung kahayang tur sikepna), ogé cocok dina ceuli maranéhna, nepi ka maranéhna teu ngartieun kana éta (Al-Qur’an). Lamun seug hidep nyebutkeun Pangéran hidep wungkul dina Al-Qur’an, maranéhna ngaléos ka tukang (ngajarauhan ku lantaran ngéwa).
نَحْنُ اَعْلَمُ بِمَا يَسْتَمِعُوْنَ بِهٖٓ اِذْ يَسْتَمِعُوْنَ اِلَيْكَ وَاِذْ هُمْ نَجْوٰٓى اِذْ يَقُوْلُ الظّٰلِمُوْنَ اِنْ تَتَّبِعُوْنَ اِلَّا رَجُلًا مَّسْحُوْرًا٤٧
Naḥnu a‘lamu bimā yastami‘ūna bihī iż yastami‘ūna ilaika wa iż hum najwā iż yaqūluẓ-ẓālimūna in tattabi‘ūna illā rajulam masḥūrā(n).
[47]
Kami leuwih nyaho kumaha (sikep) maranéhna ngadéngékeun (Al-Qur’an) waktu maranéhna ngadédéngékeun hidep (Muhammad) jeung waktu patingharéwos di antara maranéhna, (nyaéta) waktu éta jalma-jalma anu dolim ngomong kieu, “Sabenerna nu dituturkeun ku maranéh téh taya lian iwal ti (jalma) anu katenung.”
اُنْظُرْ كَيْفَ ضَرَبُوْا لَكَ الْاَمْثَالَ فَضَلُّوْا فَلَا يَسْتَطِيْعُوْنَ سَبِيْلًا٤٨
Unẓur kaifa ḍarabū lakal-amṡāla fa ḍallū falā yastaṭī‘ūna sabīlā(n).
[48]
Sok perhatikeun ku hidep kumaha maranéhna nyieun rupa-rupa paupamaan keur hidep. Nya (ku sabab kitu) maranéhna téh (jadi) sasar jeung teu bisa manggih deui jalan (anu bener).
وَقَالُوْٓا ءَاِذَا كُنَّا عِظَامًا وَّرُفَاتًا ءَاِنَّا لَمَبْعُوْثُوْنَ خَلْقًا جَدِيْدًا٤٩
Wa qālū a'iżā kunnā ‘iẓāmaw wa rufātan a'innā lamab‘ūṡūna khalqan jadīdā(n).
[49]
Maranéhna ngomong, “Naha (bener kitu) lamun urang saréréa geus jadi tulang jeung (awak geus) ancur, urang saréréa bakal dihudangkeun jadi mahluk anu anyar?”
۞ قُلْ كُوْنُوْا حِجَارَةً اَوْ حَدِيْدًاۙ٥٠
Qul kūnū ḥijāratan au ḥadīdā(n).
[50]
Jawab ku hidep (Muhammad), “(Sok) aranjeun jadi batu atawa beusi!
اَوْ خَلْقًا مِّمَّا يَكْبُرُ فِيْ صُدُوْرِكُمْ ۚفَسَيَقُوْلُوْنَ مَنْ يُّعِيْدُنَاۗ قُلِ الَّذِيْ فَطَرَكُمْ اَوَّلَ مَرَّةٍۗ فَسَيُنْغِضُوْنَ اِلَيْكَ رُءُوْسَهُمْ وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هُوَۗ قُلْ عَسٰٓى اَنْ يَّكُوْنَ قَرِيْبًا٥١
Au khalqam mimmā yakburu fī ṣudūrikum, fa sayaqūlūna may yu‘īdunā, qulil-lażī faṭarakum awwala marrah(tin), fa sayun-giḍūna ilaika ru'ūsahum wa yaqūlūna matā huw(a), qul ‘asā ay yakūna qarībā(n).
[51]
Atawa mahluk (naon baé) nu hésé ceuk dada (pikiran) aranjeun (pikeun balik deui jadi manusa).” Mangka, maranéhna bakal nanya, “Saha engké anu bakal malikkeun kuring saréréa (jadi hirup deui)?” Témbal ku hidep, “Nya (Allah) anu baheula kungsi nyiptakeun aranjeun.” Mangka, maranéhna bakal gogodeg bari nanya (moyok ka hidep), “Na iraha éta téh?” Jawab ku hidep, “Boa-boa geus deukeut.”
يَوْمَ يَدْعُوْكُمْ فَتَسْتَجِيْبُوْنَ بِحَمْدِهٖ وَتَظُنُّوْنَ اِنْ لَّبِثْتُمْ اِلَّا قَلِيْلًا ࣖ٥٢
Yauma yad‘ūkum fa tastajībūna biḥamdihī wa taẓunnūna il labiṡtum illā qalīlā(n).
[52]
(Nyaéta) poéan Mantenna ngagero ka maranéh, tuluy maranéh ngagugu kalayan muji ka Mantenna, jeung maranéh nyangka yén maranéh téh cicing (di jero kubur) ngan ukur sakeudeung.
وَقُلْ لِّعِبَادِيْ يَقُوْلُوا الَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُۗ اِنَّ الشَّيْطٰنَ يَنْزَغُ بَيْنَهُمْۗ اِنَّ الشَّيْطٰنَ كَانَ لِلْاِنْسَانِ عَدُوًّا مُّبِيْنًا٥٣
Wa qul li‘ibādī yaqūlul-latī hiya aḥsan(u), innasy-syaiṭāna yanzagu bainahum, innasy-syaiṭāna kāna lil-insāni ‘aduwwam mubīnā(n).
[53]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ka hamba-hamba Kami supaya maranéhna téh kudu nyarita ku (caritaan) anu leuwih hadé (bener), sabab saenyana sétan téh sok nyieun (bibit) papaséaan di antara maranéhna. Saenyana sétan téh musuh anu gerot pikeun manusa.
رَبُّكُمْ اَعْلَمُ بِكُمْ اِنْ يَّشَأْ يَرْحَمْكُمْ اَوْ اِنْ يَّشَأْ يُعَذِّبْكُمْۗ وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ عَلَيْهِمْ وَكِيْلًا٥٤
Rabbukum a‘lamu bikum, iy yasya' yarḥamkum au iy yasya' yu‘ażżibkum, wa mā arsalnāka ‘alaihim wakīlā(n).
[54]
Pangéran aranjeun téh langkung uninga ka maranéh. Upami ngersakeun, Mantenna bakal maparin rahmat ka maranéh. Ogé upami ngersakeun, Mantenna bakal nyiksa ka maranéh. Kami henteu ngutus hidep (Muhammad) pikeun nangtayungan maranéhna.
وَرَبُّكَ اَعْلَمُ بِمَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَلَقَدْ فَضَّلْنَا بَعْضَ النَّبِيّٖنَ عَلٰى بَعْضٍ وَّاٰتَيْنَا دَاوٗدَ زَبُوْرًا٥٥
Wa rabbuka a‘lamu biman fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa laqad faḍḍalnā ba‘ḍan nabiyyīna ‘alā ba‘ḍiw wa ātainā dāwūda zabūrā(n).
[55]
Pangéran hidep téh langkung uninga ka sadaya nu di langit jeung nu di bumi. Tétéla Kami bener-bener geus munjulkeun sawaréh para nabi ti nu sawaréhna deui, sarta Kami geus maparin (Kitab) Jabur ka Daud.
قُلِ ادْعُوا الَّذِيْنَ زَعَمْتُمْ مِّنْ دُوْنِهٖ فَلَا يَمْلِكُوْنَ كَشْفَ الضُّرِّ عَنْكُمْ وَلَا تَحْوِيْلًا٥٦
Qulid‘ul-lażīna za‘amtum min dūnihī falā yamlikūna kasyfaḍ-ḍurri ‘ankum wa lā taḥwīlā(n).
[56]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sok geura sambat ku aranjeun maranéhna nu dianggap pangéran ku aranjeun lian ti Mantenna. 529 Maranéhna moal bisa ngaleungitkeun atawa mindahkeun bahaya ti aranjeun.”
529) Nu ku maranéhna sok disebut pangéran téh nyaéta berhala, malaikat, jin, jeung sajabana.
اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ يَبْتَغُوْنَ اِلٰى رَبِّهِمُ الْوَسِيْلَةَ اَيُّهُمْ اَقْرَبُ وَيَرْجُوْنَ رَحْمَتَهٗ وَيَخَافُوْنَ عَذَابَهٗۗ اِنَّ عَذَابَ رَبِّكَ كَانَ مَحْذُوْرًا٥٧
Ulā'ikal-lażīna yad‘ūna yabtagūna ilā rabbihimul-wasīlata ayyuhum aqrabu wa yarjūna raḥmatahū wa yakhāfūna ‘ażābah(ū), inna ‘ażāba rabbika kāna maḥżūrā(n).
[57]
Jalma-jalma nu sok disambat ku maranéhna téh (sabenerna mah maranéhna sorangan) pada néang jalan ka Pangéran maranéhna (jeung pada panasaran) saha ti antara maranéhna anu leuwih deukeut (ka Allah). Maranéhna ogé pada miharep rahmat-Na jeung ngarasa sieun ku siksa-Na. Saenyana siksa Pangéran hidep téh (kudu) dipikasieun.
وَاِنْ مِّنْ قَرْيَةٍ اِلَّا نَحْنُ مُهْلِكُوْهَا قَبْلَ يَوْمِ الْقِيٰمَةِ اَوْ مُعَذِّبُوْهَا عَذَابًا شَدِيْدًاۗ كَانَ ذٰلِكَ فىِ الْكِتٰبِ مَسْطُوْرًا٥٨
Wa im min qaryatin illā naḥnu muhlikūhā qabla yaumil-qiyāmati au mu‘ażżibūhā ‘ażāban syadīdā(n), kāna żālika fil-kitābi masṭūrā(n).
[58]
Henteu aya hiji nagri ogé (anu pangeusina doraka) kajaba Kami binasakeun saméméh Poé Kiamat atawa Kami siksa (pangeusi) éta (nagri) ku siksaan anu kacida beuratna. Anu kitu téh geus ditulis dina Kitab (Loh Mahpud).
وَمَا مَنَعَنَآ اَنْ نُّرْسِلَ بِالْاٰيٰتِ اِلَّآ اَنْ كَذَّبَ بِهَا الْاَوَّلُوْنَۗ وَاٰتَيْنَا ثَمُوْدَ النَّاقَةَ مُبْصِرَةً فَظَلَمُوْا بِهَاۗ وَمَا نُرْسِلُ بِالْاٰيٰتِ اِلَّا تَخْوِيْفًا٥٩
Wa mā mana‘anā an nursila bil-āyāti illā an każżaba bihal-awwalūn(a), wa ātainā ṡamūdan-nāqata mubṣiratan fa ẓalamū bihā, wa mā nursilu bil-āyāti illā takhwīfā(n).
[59]
Teu aya anu ngahalangan Kami pikeun ngirimkeun tanda-tanda (kakawasaan Kami), iwal ku lantaran éta (tanda-tanda) téh geus kungsi dibohongkeun ku jalma-jalma anu baheula. 530 Kami geus ngadatangkeun onta bikang ka kaom Samud (minangka mujijat) anu nyata, tapi maranéhna kalah ka ngadoliman éta onta (ku jalan dipeuncit). Teu pati-pati Kami ngirimkeun tanda-tanda (mujijat), iwal ti keur nyingsieunan.
530) Bisa baé Allah nyumpingkeun mujijat sakumaha paménta kaom Qurés keur ngabuktikeun benerna Nabi Muhammad Saw. Éta perkara téh gampil kanggo Allah mah. Ngan pan mujijat nu modél kitu téh geus dibohongkeun ku kaom-kaom anu baheula ogé, terus maranéhna dibinasakeun ku Allah. Ku sabab kitu, Mantenna moal rék nyumpingkeun mujijat anu sarupa kitu deui, sabab pasti bakal dibohongkeun ogé ku kaom Qurés, padahal Mantenna téh henteu ngersakeun badé ngabinasakeun kaom Qurés.
وَاِذْ قُلْنَا لَكَ اِنَّ رَبَّكَ اَحَاطَ بِالنَّاسِۗ وَمَا جَعَلْنَا الرُّءْيَا الَّتِيْٓ اَرَيْنٰكَ اِلَّا فِتْنَةً لِّلنَّاسِ وَالشَّجَرَةَ الْمَلْعُوْنَةَ فِى الْقُرْاٰنِ ۗ وَنُخَوِّفُهُمْۙ فَمَا يَزِيْدُهُمْ اِلَّا طُغْيَانًا كَبِيْرًا ࣖ٦٠
Wa iż qulnā laka inna rabbaka aḥāṭa bin-nās(i), wa mā ja‘alnar-ru'yal-latī araināka illā fitnatal lin-nāsi wasy-syajaratal mal‘ūnata fil-qur'ān(i), wa nukhawwifuhum, famā yazīduhum illā ṭugyānan kabīrā(n).
[60]
(Sing inget) nalika Kami ngadawuh ka hidep (Muhammad), “Saenyana (élmu jeung kakawasaan) Pangéran hidep téh ngalimpudan (sakabéh) manusa. Kami teu ngajadikeun impian 531 anu geus ditémbongkeun ku Kami ka hidep, kajaba minangka ujian pikeun manusa, ogé (nya kitu deui) tangkal kai anu dila’nat (zaqqūm) dina Al-Qur’an. 532 Kami (ngahaja) nyingsieunan maranéhna, tapi nu kitu téh ngan nambahan pohara dorakana ka maranéhna mah.
531) Nu dimaksud impian di dieu nyaéta impian Rasulullah Saw. ngeunaan Perang Badar, saméméh prung éta perang. Loba ogé ahli tapsir nu nyebutkeun yén anu dimaksud téh nyaéta rupa-rupa pangalaman anu katingal ku anjeunna waktu Isra’ jeung Mi’raj.
532) Nyaéta tangkal Zaqqūm nu disebutkeun dina ayat 62 dugi ka ayat 65 surah al-Ṣaffāt.
وَاِذْ قُلْنَا لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اسْجُدُوْا لِاٰدَمَ فَسَجَدُوْٓا اِلَّآ اِبْلِيْسَۗ قَالَ ءَاَسْجُدُ لِمَنْ خَلَقْتَ طِيْنًاۚ٦١
Wa iż qulnā lil-malā'ikatisjudū li'ādama fa sajadū illā iblīs(a), qāla a'asjudu liman khalaqta ṭīnā(n).
[61]
Ogé (sing inget) waktu Kami ngadawuh ka para malaikat, “Prak geura sujud ka Adam!” Brek aranjeunna pada sujud, iwal ti Iblis. Manéhna (Iblis) nyarita, “Naha abdi kedah sujud kitu ka mahluk anu didamel ku Gusti (ngan ukur) tina taneuh?”
قَالَ اَرَاَيْتَكَ هٰذَا الَّذِيْ كَرَّمْتَ عَلَيَّ لَىِٕنْ اَخَّرْتَنِ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ لَاَحْتَنِكَنَّ ذُرِّيَّتَهٗٓ اِلَّا قَلِيْلًا٦٢
Qāla ara'aitaka hāżal-lażī karramta ‘alayya la'in akhkhartani ilā yaumil-qiyāmati la'aḥtanikanna żurriyyatahū illā qalīlā(n).
[62]
Manéhna (Iblis) nyarita, “Mugi Gusti tiasa ngajelaskeun ka abdi, leres ieu téh (mahluk) anu dimulyakeun ku Gusti saluhureun abdi? Upami seug Gusti maparin témpo ka abdi dugi ka dinten Kiamat, tangtos abdi bakal (tiasa) nyasarkeun rundayanana, kajabi saalit.”
قَالَ اذْهَبْ فَمَنْ تَبِعَكَ مِنْهُمْ فَاِنَّ جَهَنَّمَ جَزَاۤؤُكُمْ جَزَاۤءً مَّوْفُوْرًا٦٣
Qālażhab faman tabi‘aka minhum fa inna jahannama jazā'ukum jazā'am maufūrā(n).
[63]
Allah ngadawuh, “Jor manéh geura indit! Saha baé anu nurut ka manéh ti antara maranéhna (turunan Adam), saenyana naraka Jahanam (bakal) jadi wawales anu pas pikeun maranéh kabéh.”
وَاسْتَفْزِزْ مَنِ اسْتَطَعْتَ مِنْهُمْ بِصَوْتِكَ وَاَجْلِبْ عَلَيْهِمْ بِخَيْلِكَ وَرَجِلِكَ وَشَارِكْهُمْ فِى الْاَمْوَالِ وَالْاَوْلَادِ وَعِدْهُمْۗ وَمَا يَعِدُهُمُ الشَّيْطٰنُ اِلَّا غُرُوْرًا٦٤
Wastafziz manistaṭa‘ta minhum biṣautika wa ajlib ‘alaihim bikhailika wa rajilika wa syārikūhum fil-amwāli wal-aulādi wa ‘idhum, wa mā ya‘iduhumusy-syaiṭānu illā gurūrā(n).
[64]
Prak geura tipu saha baé ti antara maranéhna (turunan Adam) anu manéh mampu (keur nipuna) ku sora manéh, jeung pék geura keprakkeun ka maranéhna pasukan kuda ogé pasukan darat manéh, pék geura ulubiung jeung maranéhna dina urusan harta banda ogé barudak, pék geura béré jangji pasini ka maranéhna. Teu aya anu dijangjikeun ku sétan ka maranéhna iwal ngan ukur réka perdaya wungkul. 533
533) Allah méré témpo ka Iblis pikeun nyasarkeun manusa ku sagala cara anu bisa dilakukeun ku manéhna, tapi sagala tipu dayana moal mempan ka jalma-jalma anu bener-bener iman tur ihlas mah.
اِنَّ عِبَادِيْ لَيْسَ لَكَ عَلَيْهِمْ سُلْطٰنٌۗ وَكَفٰى بِرَبِّكَ وَكِيْلًا٦٥
Inna ‘ibādī laisa laka ‘alaihim sulṭān(un), wa kafā birabbika wakīlā(n).
[65]
Saenyana manéh (Iblis) teu boga kakawasaan ka hamba-hamba Kami. Cukup Pangéran hidep (Muhammad) anu jadi panyalindungan.
رَبُّكُمُ الَّذِيْ يُزْجِيْ لَكُمُ الْفُلْكَ فِى الْبَحْرِ لِتَبْتَغُوْا مِنْ فَضْلِهٖۗ اِنَّهٗ كَانَ بِكُمْ رَحِيْمًا٦٦
Rabbukumul-lażī yuzjī lakumul-fulka fil-baḥri litabtagū min faḍlih(ī), innahū kāna bikum raḥīmā(n).
[66]
Pangéran aranjeun téh anu ngabalayarkeun parahu-parahu di laut pikeun aranjeun, sangkan aranjeun bisa néangan sabagian tina kurnia Mantenna. Saleresna Mantenna téh Mahaasih ka aranjeun.
وَاِذَا مَسَّكُمُ الضُّرُّ فِى الْبَحْرِ ضَلَّ مَنْ تَدْعُوْنَ اِلَّآ اِيَّاهُۚ فَلَمَّا نَجّٰىكُمْ اِلَى الْبَرِّ اَعْرَضْتُمْۗ وَكَانَ الْاِنْسَانُ كَفُوْرًا٦٧
Wa iżā massakumuḍ-ḍurru fil-baḥri ḍalla man tad‘ūna illā iyyāh(u), falammā najjākum ilal-barri a‘raḍtum, wa kānal-insānu kafūrā(n).
[67]
Saupama maranéh katiban bahaya di laut, lat baé laleungit sakur anu sok disambat ku maranéh, kajaba Mantenna. Tah waktu Mantenna geus nyalametkeun maranéh ka darat, (naha) maranéh ujug-ujug ngabalieur (ti Allah). Manusa mah mémang sok ingkar.
اَفَاَمِنْتُمْ اَنْ يَّخْسِفَ بِكُمْ جَانِبَ الْبَرِّ اَوْ يُرْسِلَ عَلَيْكُمْ حَاصِبًا ثُمَّ لَا تَجِدُوْا لَكُمْ وَكِيْلًا ۙ٦٨
Afa amintum ay yakhsifa bikum jānibal-barri au yursila ‘alaikum ḥaṣiban ṡumma lā tajidū lakum wakīlā(n).
[68]
Naha maranéh ngarasa aman kitu yén Mantenna moal bakal neuleumkeun sabagian daratan katut maranéh (nu aya di luhureunana), atawa Mantenna ngirimkeun batu karikil ka maranéh, tuluy maranéh (moal manggih anu bisa nangtayungan?
اَمْ اَمِنْتُمْ اَنْ يُّعِيْدَكُمْ فِيْهِ تَارَةً اُخْرٰى فَيُرْسِلَ عَلَيْكُمْ قَاصِفًا مِّنَ الرِّيْحِ فَيُغْرِقَكُمْ بِمَا كَفَرْتُمْۙ ثُمَّ لَا تَجِدُوْا لَكُمْ عَلَيْنَا بِهٖ تَبِيْعًا٦٩
Am amintum ay yu‘īdakum fīhi tāratan ukhrā fa yursila ‘alaikum qāṣifam minar-rīḥi fa yugriqakum bimā kafartum, ṡumma lā tajidū lakum ‘alainā bihī tabī‘ā(n).
[69]
Atawa naha maranéh ngarasa aman kitu yén Mantenna moal bakal malikkeun maranéh ka laut sakali deui, tuluy Mantenna ngirimkeun angin topan jeung neuleumkeun maranéh alatan kakupuran maranéh, tuluy maranéh moal manggih anu bisa nulungan pikeun nyanghareupan (siksaan) Kami?
۞ وَلَقَدْ كَرَّمْنَا بَنِيْٓ اٰدَمَ وَحَمَلْنٰهُمْ فِى الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَرَزَقْنٰهُمْ مِّنَ الطَّيِّبٰتِ وَفَضَّلْنٰهُمْ عَلٰى كَثِيْرٍ مِّمَّنْ خَلَقْنَا تَفْضِيْلًا ࣖ٧٠
Wa laqad karramnā banī ādama wa ḥamalnāhum fil-barri wal-baḥri wa razaqnāhum minaṭ-ṭayyibāti wa faḍḍalnāhum ‘alā kaṡīrim mimman khalaqnā tafḍīlā(n).
[70]
Tétéla Kami geus ngamulyakeun katurunan Adam, sarta geus Kami angkut maranéhna di darat jeung di laut. 534 Kami ogé geus ngarejekian maranéhna tina (rejeki) anu hadé. Kami ogé geus ngaunggulkeun maranéhna saluhurun kalolobaan mahluk nu kungsi diciptakeun ku Kami kalayan kaunggulan anu sampurna.
534) Allah nyiapkeun pikeun anak turunan Adam rupa-rupa tutumpakan di daratan jeung di lautan, supaya maranéhna bisa motékar néangan rupa-rupa rejeki ti Allah.
يَوْمَ نَدْعُوْا كُلَّ اُنَاسٍۢ بِاِمَامِهِمْۚ فَمَنْ اُوْتِيَ كِتٰبَهٗ بِيَمِيْنِهٖ فَاُولٰۤىِٕكَ يَقْرَءُوْنَ كِتٰبَهُمْ وَلَا يُظْلَمُوْنَ فَتِيْلًا٧١
Yauma nad‘ū kulla unāsim bi'imāmihim, faman ūtiya katābahū biyamīnihī fa ulā'ika yaqra'ūna kitābahum wa lā yuẓlamūna fatīlā(n).
[71]
(Sing inget kana) poéan Kami ngageroan unggal (umat) manusa katut pamingpinna. Saha baé anu dibéré buku catetan amalna ti beulah katuhu, nya nu kitu mah bakal maca catetanana (kalayan bagja) bari moal dirugikeun saeutik ogé.
وَمَنْ كَانَ فِيْ هٰذِهٖٓ اَعْمٰى فَهُوَ فِى الْاٰخِرَةِ اَعْمٰى وَاَضَلُّ سَبِيْلًا٧٢
Wa man kāna fī hāżihī a‘mā fa huwa fil-ākhirati a‘mā wa aḍallu sabīlā(n).
[72]
Saha baé anu di ieu (dunya) lolong (haténa), nya di ahérat manéhna ogé bakal lolong, malah leuwih sasar deui jalanna.
وَاِنْ كَادُوْا لَيَفْتِنُوْنَكَ عَنِ الَّذِيْٓ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ لِتَفْتَرِيَ عَلَيْنَا غَيْرَهٗۖ وَاِذًا لَّاتَّخَذُوْكَ خَلِيْلًا٧٣
Wa in kādū layaftinūnaka ‘anil-lażī auḥainā ilaika litaftariya ‘alainā gairah(ū), wa iżal lattakhażūka khalīlā(n).
[73]
Ampir baé maranéhna mapalérkeun hidep (Muhammad) tina sakur anu geus Kami wahyukeun ka hidep, sangkan hidep ngarang anu lian (ti wahyu, jijieunan bohong) ka Kami, lamun geus kitu tangtu maranéhna bakal nyokot hidep jadi sobat anu dalit.
وَلَوْلَآ اَنْ ثَبَّتْنٰكَ لَقَدْ كِدْتَّ تَرْكَنُ اِلَيْهِمْ شَيْـًٔا قَلِيْلًا ۙ٧٤
Wa lau lā an ṡabbatnāka laqad kitta tarkanu ilaihim syai'an qalīlā(n).
[74]
Lamun seug Kami henteu mancegkeun (haté) hidep, ampir baé (haté) hidep condong saeutik ka maranéhna.
اِذًا لَّاَذَقْنٰكَ ضِعْفَ الْحَيٰوةِ وَضِعْفَ الْمَمَاتِ ثُمَّ لَا تَجِدُ لَكَ عَلَيْنَا نَصِيْرًا٧٥
Iżal-la'ażaqnāka ḍi‘fal-ḥayāti wa ḍi‘fal-mamāti ṡumma lā tajidu laka ‘alainā naṣīrā(n).
[75]
Tah lamun (kajadian) kitu, Kami tangtu bakal bener-bener nyiksa hidep dua tikel dina kahirupan (dunya) jeung dua tikel sabada maot, tuluy hidep moal manggih anu bisa nulungan ka hidep (keur) nyangharueupan (siksa) Kami
وَاِنْ كَادُوْا لَيَسْتَفِزُّوْنَكَ مِنَ الْاَرْضِ لِيُخْرِجُوْكَ مِنْهَا وَاِذًا لَّا يَلْبَثُوْنَ خِلٰفَكَ اِلَّا قَلِيْلًا٧٦
Wa in kādū layastafizzūnaka minal-arḍi liyukhrijūka minhā wa iżal lā yalbaṡūna khilāfaka illā qalīlā(n).
[76]
Ampir baé maranéhna ngajadikeun hidep (Muhammad) hariwang di ieu nagri (Mekah), sangkan maranéhna bisa ngusir hidep ti dinya. Tah lamun geus (kajadian) kitu, tangtu maranéhna moal bisa tetep cicing (di éta nagri) sabada hidep (diusir), kajaba ngan ukur sakeudeung. 535
535) Upama Nabi Muhammad bener-bener diusir ku pangeusi kota Mekah, tangtu maranéhna moal lila hirup di dunya. Allah bakal nibankeunan siksaan ka maranéhna. Ku sabab kitu, hijrahna Nabi ka Madinah téh lain ku sabab diusir ku kaom Qurés, tapi ku sabab diparéntah ku Allah Swt.
سُنَّةَ مَنْ قَدْ اَرْسَلْنَا قَبْلَكَ مِنْ رُّسُلِنَا وَلَا تَجِدُ لِسُنَّتِنَا تَحْوِيْلًا ࣖ٧٧
Sunnata man qad arsalnā qablaka mir rusulinā wa lā tajidu lisunnatinā taḥwīlā(n).
[77]
(Éta téh) katangtuan (anu lumaku ka) rasul-rasul anu geus Kami kirim saméméh hidep, 536 jeung hidep moal manggihan parobahan nanaon dina katangtuan Kami.
536) Unggal-unggal kaom anu ngusir rosulna pasti bakal dibinasakeun. Éta téh geus jadi katangtuan ti Allah Swt.
اَقِمِ الصَّلٰوةَ لِدُلُوْكِ الشَّمْسِ اِلٰى غَسَقِ الَّيْلِ وَقُرْاٰنَ الْفَجْرِۗ اِنَّ قُرْاٰنَ الْفَجْرِ كَانَ مَشْهُوْدًا٧٨
Aqimiṣ-ṣalāta lidulūkisy-syamsi ilā gasaqil-laili wa qur'ānal-fajr(i), inna qur'ānal-fajri kāna masyhūdā(n).
[78]
Pék adegkeun salat waktu geus lingsir panonpoé nepi ka poékna peuting jeung (adegkeun) salat subuh, 537 saenyana salat subuh téh disaksikan (ku para malaikat).
537) Ieu ayat téh nerangkeun waktu-waktu salat, nyaéta lingsir panonpoé tanda geus datang waktu salat Lohor jeung Asar, poékna peuting tanda geus datang waktu salat Magrib jeung Isa, jeung meletékna pajar tanda datangna waktu salat subuh.
وَمِنَ الَّيْلِ فَتَهَجَّدْ بِهٖ نَافِلَةً لَّكَۖ عَسٰٓى اَنْ يَّبْعَثَكَ رَبُّكَ مَقَامًا مَّحْمُوْدًا٧٩
Wa minal-laili fa tahajjad bihī nāfilatal lak(a), ‘asā ay yab‘aṡaka rabbuka maqāmam maḥmūdā(n).
[79]
Tina sabagian peuting, prak geura salat tahajud minangka (ibadah) tambahan keur hidep, muga-muga Pangéran hidep ngangkat hidep kana kalungguhan anu pinuji.
وَقُلْ رَّبِّ اَدْخِلْنِيْ مُدْخَلَ صِدْقٍ وَّاَخْرِجْنِيْ مُخْرَجَ صِدْقٍ وَّاجْعَلْ لِّيْ مِنْ لَّدُنْكَ سُلْطٰنًا نَّصِيْرًا٨٠
Wa qur rabbi adkhilnī mudkhala ṣidqiw wa akhrijnī mukhraja ṣidqiw waj‘al lī mil ladunka sulṭānan naṣīrā(n).
[80]
Tuluy pok ucapkeun, “Nun Pangéran abdi, lebetkeun abdi kana lawang anu leres, sareng kaluarkeun abdi tina lawang anu leres, sareng paparin abdi ti mungguhing Gusti kakawasaan anu (bakal) jadi pitulung (ka abdi).” 538
538) Neda ka Allah supaya urang bisa ngamimitian ogé mungkas ibadah kalayan niat anu hadé, tur pinuh ku kaihlasan sarta bersih tina riya jeung sagala perkara nu matak ngaruksak ganjaran. Ieu ayat ogé méré isarat ka Nabi Muhammad Saw. sangkan hijrah ti Mekah ka Madinah. Aya ogé nu napsirkeun ayat ieu mangrupa doa sangkan urang asup ka kubur dina kaayaan hadé tur kaluar ti dinya ogé (dina poéan hisab) kalayan hadé.
وَقُلْ جَاۤءَ الْحَقُّ وَزَهَقَ الْبَاطِلُ ۖاِنَّ الْبَاطِلَ كَانَ زَهُوْقًا٨١
Wa qul jā'al-ḥaqqu wa zahaqal-bāṭil(u), innal-bāṭila kāna zahūqā(n).
[81]
Ogé pok ucapkeun, “Anu bener datang, anu batil musnah.” Saenyanan anu batil mah pasti musnah.
وَنُنَزِّلُ مِنَ الْقُرْاٰنِ مَا هُوَ شِفَاۤءٌ وَّرَحْمَةٌ لِّلْمُؤْمِنِيْنَۙ وَلَا يَزِيْدُ الظّٰلِمِيْنَ اِلَّا خَسَارًا٨٢
Wa nunazzilu minal-qur'āni mā huwa syifā'uw wa raḥmatul lil-mu'minīn(a), wa lā yazīduẓ-ẓālimīna illā khasārā(n).
[82]
Kami geus nurunkeun Al-Qur’an anu jadi ubar jeung rahmat pikeun jalma-jalma mu’min, tapi ari keur jalma-jalma anu dolim éta (Al-Qur’an téh) henteu nambah (nanaon) iwal ti karugian.
وَاِذَآ اَنْعَمْنَا عَلَى الْاِنْسَانِ اَعْرَضَ وَنَاٰ بِجَانِبِهٖۚ وَاِذَا مَسَّهُ الشَّرُّ كَانَ يَـُٔوْسًا٨٣
Wa iżā an‘amnā ‘alal-insāni a‘raḍa wa na'ā bijānibih(ī), wa iżā massahusy-syarru kāna ya'ūsā(n).
[83]
Lamun seug Kami maparin kasenangan ka manusa, manéhna ngabalieur tur nonggongan (bari adigung). Tapi upama ditiban kasusah, manéhna téh pasti pegat pangharepan.
قُلْ كُلٌّ يَّعْمَلُ عَلٰى شَاكِلَتِهٖۗ فَرَبُّكُمْ اَعْلَمُ بِمَنْ هُوَ اَهْدٰى سَبِيْلًا ࣖ٨٤
Qul kulluy ya‘malu ‘alā syākilatih(ī), fa rabbukum a‘lamu biman huwa ahdā sabīlā(n).
[84]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saban (jalma) digawѐ nurutkeun perbawana masing-masing. Tah ari Gusti Pangѐran aranjeun tѐh langkung uninga saha anu leuwih bener jalanna.
وَيَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الرُّوْحِۗ قُلِ الرُّوْحُ مِنْ اَمْرِ رَبِّيْ وَمَآ اُوْتِيْتُمْ مِّنَ الْعِلْمِ اِلَّا قَلِيْلًا٨٥
Wa yas'alūnaka ‘anir-rūḥ(i), qulir-rūḥu min amri rabbī wa mā ūtītum minal-‘ilmi illā qalīlā(n).
[85]
Maranѐhna nanyakeun ka hidep ngeunaan roh. Pék jawab, “Roh tѐh kaasup urusan Pangѐran kuring, sedengkeun aranjeun henteu dibѐrѐ ѐlmu iwal ti saeutik.”
وَلَىِٕنْ شِئْنَا لَنَذْهَبَنَّ بِالَّذِيْٓ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ ثُمَّ لَا تَجِدُ لَكَ بِهٖ عَلَيْنَا وَكِيْلًاۙ٨٦
Wa la'in syi'nā lanażhabanna bil-lażī auḥainā ilaika ṡumma lā tajidu laka bihī ‘alainā wakīlā(n).
[86]
Lamun seug ngersakeun, tangtu Kami bakal ngamusnahkeun sakur anu geus Kami wahyukeun ka hidep (Muhammad), tuluy hidep moal manggihan deui anu bisa ngabéla hidep (pikeun) nyanghareupan Kami.
اِلَّا رَحْمَةً مِّنْ رَّبِّكَۗ اِنَّ فَضْلَهٗ كَانَ عَلَيْكَ كَبِيْرًا٨٧
Illā raḥmatam mir rabbik(a), inna faḍalahū kāna ‘alaika kabīrā(n).
[87]
Tapi, (Kami tetep ngalanggengkeun Al-Qur’an) karana rahmat ti Pangѐran hidep. Saleresna kurnia Mantenna ka hidep téh kalintang ageungna.
قُلْ لَّىِٕنِ اجْتَمَعَتِ الْاِنْسُ وَالْجِنُّ عَلٰٓى اَنْ يَّأْتُوْا بِمِثْلِ هٰذَا الْقُرْاٰنِ لَا يَأْتُوْنَ بِمِثْلِهٖ وَلَوْ كَانَ بَعْضُهُمْ لِبَعْضٍ ظَهِيْرًا٨٨
Qul la'inijtama‘atil-insu wal-jinnu ‘alā ay ya'tū bimiṡli hāżal-qur'āni lā ya'tūna bimiṡlihī wa lau kāna ba‘ḍuhum liba‘ḍin ẓahīrā(n).
[88]
Pok ucapkeun, “Lamun seug manusa jeung jin kumpul pikeun nyieun (kitab) anu saperti ieu Al-Qur’an, maranѐhna pasti moal bisa nyieun anu sarupa kitu sok sanajan pada-pada silih bantu.”
وَلَقَدْ صَرَّفْنَا لِلنَّاسِ فِيْ هٰذَا الْقُرْاٰنِ مِنْ كُلِّ مَثَلٍۖ فَاَبٰىٓ اَكْثَرُ النَّاسِ اِلَّا كُفُوْرًا٨٩
Wa laqad ṣarrafnā lin-nāsi fī hāżal-qur'āni min kulli maṡal(in), fa abā akṡarun-nāsi illā kufūrā(n).
[89]
Sabenerna mah Kami geus remen ngajelaskeun pikeun manusa pirang-pirang paupamaan dina ieu Al-Qur’an, tapi kalolobaan manusa kalah ka ngabantah, malah ingkar.
وَقَالُوْا لَنْ نُّؤْمِنَ لَكَ حَتّٰى تَفْجُرَ لَنَا مِنَ الْاَرْضِ يَنْۢبُوْعًاۙ٩٠
Wa qālū lan nu'mina laka ḥattā tafjura lanā minal-arḍi yambū‘ā(n).
[90]
Maranѐhna nyarita, “Kuring saréréa moal rék iman ka anjeun (Muhammad) nepi ka anjeun (bisa) ngocorkeun cinyusu keur uring saréréa tina (jero) bumi,
اَوْ تَكُوْنَ لَكَ جَنَّةٌ مِّنْ نَّخِيْلٍ وَّعِنَبٍ فَتُفَجِّرَ الْاَنْهٰرَ خِلٰلَهَا تَفْجِيْرًاۙ٩١
Au takūna laka jannatum min nakhīliw wa ‘inabin fa tufajjiral-anhāra khilālahā tafjīrā(n).
[91]
atawa anjeun boga kebon korma jeung anggur, tuluy dina sela-selana anjeun ngocorkeun pirang-pirang walungan anu gedé caina,
اَوْ تُسْقِطَ السَّمَاۤءَ كَمَا زَعَمْتَ عَلَيْنَا كِسَفًا اَوْ تَأْتِيَ بِاللّٰهِ وَالْمَلٰۤىِٕكَةِ قَبِيْلًاۙ٩٢
Au tusqiṭas-samā'a kamā za‘amta ‘alainā kisafan au ta'tiya billāhi wal-malā'ikati qabīlā(n).
[92]
atawa anjeun (bisa) ngaruntagkeun langit jadi sababaraha bagian saperti anu dicaritakeun ku anjeun ka kuring saréréa, atawa anjeun (bisa) ngadatangkeun Allah jeung malaikat-malaikatna ka hareupeun uring saréréa
اَوْ يَكُوْنَ لَكَ بَيْتٌ مِّنْ زُخْرُفٍ اَوْ تَرْقٰى فِى السَّمَاۤءِ ۗوَلَنْ نُّؤْمِنَ لِرُقِيِّكَ حَتّٰى تُنَزِّلَ عَلَيْنَا كِتٰبًا نَّقْرَؤُهٗۗ قُلْ سُبْحَانَ رَبِّيْ هَلْ كُنْتُ اِلَّا بَشَرًا رَّسُوْلًا ࣖ٩٣
Au yakūna laka baitum min zukhrufin au tarqā fis-samā'(i), wa lan nu'mina liruqiyyika ḥattā tunazzila ‘alainā kitāban naqra'uh(ū), qul subḥāna rabbī hal kuntu illā basyarar rasūlā(n).
[93]
atawa anjeun boga imah tina emas, atawa anjeun (bisa) naѐk ka langit. Kuring saréréa moal percaya (kitu baé) kana naékna anjeun (ka langit) nepi ka anjeun (bisa) nurunkeun kitab anu bisa dibaca ku kuring saréréa.” Pék jawab ku hidep (Muhammad), “Mahasuci Pangѐran kuring. Apan kuring mah ngan saukur manusa biasa nu (diutus) jadi rasul?”
وَمَا مَنَعَ النَّاسَ اَنْ يُّؤْمِنُوْٓا اِذْ جَاۤءَهُمُ الْهُدٰٓى اِلَّآ اَنْ قَالُوْٓا اَبَعَثَ اللّٰهُ بَشَرًا رَّسُوْلًا٩٤
Wa mā mana‘an-nāsa ay yu'minū iż jā'ahumul-hudā illā an qālū aba‘aṡallāhu basyarar rasūlā(n).
[94]
Teu aya nu ngahalangan manusa pikeun iman waktu datang pituduh ka maranéhna, iwal ti (rasa cangcaya nepi ka) maranѐhna ngomong, “Naha bener kitu Allah tѐh geus ngutus manusa jadi rasul?”
قُلْ لَّوْ كَانَ فِى الْاَرْضِ مَلٰۤىِٕكَةٌ يَّمْشُوْنَ مُطْمَىِٕنِّيْنَ لَنَزَّلْنَا عَلَيْهِمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ مَلَكًا رَّسُوْلًا٩٥
Qul lau kāna fil-arḍi malā'ikatuy yamsyūna muṭma'innīna lanazzalnā ‘alaihim minas-samā'i malakar rasūlā(n).
[95]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Lamun seug di bumi aya malaikat nu laleumpang ngagandeuang, tangtu Kami geus nurunkeun ti langit pikeun maranѐhna saurang malaikat keur jadi rosulna.”
قُلْ كَفٰى بِاللّٰهِ شَهِيْدًاۢ بَيْنِيْ وَبَيْنَكُمْۗ اِنَّهٗ كَانَ بِعِبَادِهٖ خَبِيْرًاۢ بَصِيْرًا٩٦
Qul kafā billāhi syahīdam bainī wa bainakum, innahū kāna bi‘ibādihī khabīram baṣīrā(n).
[96]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Cukup Allah nu jadi saksi antara kuring jeung aranjeun, lantaran saleresna Mantenna téh Mahauninga (tur) Maha Ningali ka hamba-hamba-Na.”
وَمَنْ يَّهْدِ اللّٰهُ فَهُوَ الْمُهْتَدِۚ وَمَنْ يُّضْلِلْ فَلَنْ تَجِدَ لَهُمْ اَوْلِيَاۤءَ مِنْ دُوْنِهٖۗ وَنَحْشُرُهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ عَلٰى وُجُوْهِهِمْ عُمْيًا وَّبُكْمًا وَّصُمًّاۗ مَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُۗ كُلَّمَا خَبَتْ زِدْنٰهُمْ سَعِيْرًا٩٧
Wa may yahdillāhu fa huwal-muhtad(i), wa may yuḍlil falan tajida lahum auliyā'a min dūnih(ī), wa naḥsyuruhum yaumal-qiyāmati ‘alā wujūhihim ‘umyaw wa bukmaw wa ṣummā(n), ma'wāhum jahannam(u), kullamā khabat zidnāhum sa‘īrā(n).
[97]
Saha baé anu dibéré pituduh ku Allah, nya manéhna jalma anu meunang pituduh. Saha baé anu disasarkeun ku Allah, nya hidep sama sakali moal manggih anu bisa nulungan ka maranéhna salian ti Mantenna. Kami bakal ngumpulkeun maranѐhna dina Poѐ Kiamat tisusud beungeut-beungeutna bari lolong, pireu, jeung torѐk. Tempat pangbalikan maranéhna téh naraka Jahanam. Saban-saban rѐk pareum, Kami tambah deui (seuneuna sina) ngagedur.
ذٰلِكَ جَزَاۤؤُهُمْ بِاَنَّهُمْ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِنَا وَقَالُوْٓا ءَاِذَا كُنَّا عِظَامًا وَّرُفَاتًا ءَاِنَّا لَمَبْعُوْثُوْنَ خَلْقًا جَدِيْدًا٩٨
Żālika jazā'uhum bi'annahum kafarū bi'āyātinā wa qālū a'iżā kunnā ‘iẓāmaw wa rufātan a'innā lamab‘ūṡūna khalqan jadīdā(n).
[98]
Tah éta wawales keur maranéhna lantaran geus kupur kana ayat-ayat Kami jeung (lantaran) maranéhna geus ngomong kieu, “Naha enya kitu lamun geus jadi tulang tur ancur, kuring saréréa bakal dihudangkeun deui jadi mahluk anu anyar?”
۞ اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّ اللّٰهَ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ قَادِرٌ عَلٰٓى اَنْ يَّخْلُقَ مِثْلَهُمْ وَجَعَلَ لَهُمْ اَجَلًا لَّا رَيْبَ فِيْهِۗ فَاَبَى الظّٰلِمُوْنَ اِلَّا كُفُوْرًا٩٩
Awalam yarau annallāhal-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa qādirun ‘alā ay yakhluqa miṡlahum wa ja‘ala lahum ajalal lā raiba fīh(i), fa abaẓ-ẓālimūna illā kufūrā(n).
[99]
Naha maranéhna henteu niténan kitu yén saenyana Allah anu geus nyiptakeun langit jeung bumi (tangtu) kawasa nyiptakeun anu sarupa jeung maranéhna? Mantenna geus netepkeun keur maranéhna waktu anu geus tangtu 539 henteu aya kamangmangan deui ngeunaanana. Tapi jalma-jalma dolim mah tetep baé ingkar bari kupur.
539) Waktu maranéhna maot ogé waktu maranéhna dihudangkeun deui tina maot.
قُلْ لَّوْ اَنْتُمْ تَمْلِكُوْنَ خَزَاۤىِٕنَ رَحْمَةِ رَبِّيْٓ اِذًا لَّاَمْسَكْتُمْ خَشْيَةَ الْاِنْفَاقِۗ وَكَانَ الْاِنْسَانُ قَتُوْرًا ࣖ١٠٠
Qul lau antum tamlikūna khazā'ina raḥmati rabbī iżal la'amsaktum khasy-yatal-infāq(i), wa kānal-insānu qatūrā(n).
[100]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Lamun seug maranéh mibanda gudang-gudang rahmat Pangéran kuring, tangtu maranéh ngeukeuweuk (éta rahmat) lantaran lebar ngabalanjakeunana.” Apan manusa mah pohara meditna.
وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسٰى تِسْعَ اٰيٰتٍۢ بَيِّنٰتٍ فَسْـَٔلْ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اِذْ جَاۤءَهُمْ فَقَالَ لَهٗ فِرْعَوْنُ اِنِّيْ لَاَظُنُّكَ يٰمُوْسٰى مَسْحُوْرًا١٠١
Wa laqad ātainā mūsā tis‘a āyātim bayyinātin fas'al banī isrā'īla iż jā'ahum fa qāla lahū fir‘aunu innī la'aẓunnuka yā mūsā masḥūrā(n).
[101]
Saenyana Kami geus maparin ka Musa salapan mujijat anu nyata, 540 pék tanyakeun ka Bani Israél waktu Musa datang ka maranéhna, tuluy Fir’aun nyarita ka Musa, “Hé Musa, ceuk sangkaan kuring mah anjeun téh sabenerna mah jalma anu keuna ku sihir!”
540) Mujijat nu salapan téh nyaéta iteuk, panangan, simeut, kutu, bangkong, getih, topan, laut, jeung (Gunung) Tur Sina’.
قَالَ لَقَدْ عَلِمْتَ مَآ اَنْزَلَ هٰٓؤُلَاۤءِ اِلَّا رَبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ بَصَاۤىِٕرَۚ وَاِنِّيْ لَاَظُنُّكَ يٰفِرْعَوْنُ مَثْبُوْرًا١٠٢
Qāla laqad ‘alimta mā anzala hā'ulā'i illā rabbus-samāwāti wal-arḍi baṣā'ir(a), wa innī la'aẓunnuka yā fir‘aunu maṡbūrā(n).
[102]
Musa ngajawab, “Sabenerna anjeun ogé geus nyaho yén taya nu lian anu nurunkeun éta (mujijat anu salapan) téh iwal ti Pangéran langit jeung bumi, minangka bukti-bukti anu nyata, jeung sabenerna ceuk sangkaan kuring mah anjeun téh hé Fir’aun jalma anu bakal binasa.
فَاَرَادَ اَنْ يَّسْتَفِزَّهُمْ مِّنَ الْاَرْضِ فَاَغْرَقْنٰهُ وَمَنْ مَّعَهٗ جَمِيْعًاۙ١٠٣
Fa arāda ay yastafizzahum minal arḍi fa agraqnāhu wa mam ma‘ahū jamī‘ā(n).
[103]
Nya (jorojoy baé) Fir’aun (boga maksud) hayang ngusir maranéhna (Musa jeung baladna) ti nagri (Mesir), nya Kami teuleumkeun manéhna (Fir’aun) jeung sakur jalma anu babarengan jeung manéhna, kabéh.
وَّقُلْنَا مِنْۢ بَعْدِهٖ لِبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اسْكُنُوا الْاَرْضَ فَاِذَا جَاۤءَ وَعْدُ الْاٰخِرَةِ جِئْنَا بِكُمْ لَفِيْفًاۗ١٠٤
Wa qulnā mim ba‘dihī libanī isrā'īlaskunul-arḍa fa iżā jā'a wa‘dul-ākhirati ji'nā bikum lafīfā(n).
[104]
Sanggeus kitu Kami ngadawuh ka Bani Israél, “Caricing maranéh di ieu nagri (Baitul Maqdis)! Tah éngke lamun geus datang waktu dihudangkeun deui (tina paéh), Kami ngumpulkeun maranéh dina kaayaan pacampur (jeung musuh-musuh maranéh).”
وَبِالْحَقِّ اَنْزَلْنٰهُ وَبِالْحَقِّ نَزَلَۗ وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا مُبَشِّرًا وَّنَذِيْرًاۘ١٠٥
Wa bil-ḥaqqi anzalnāhu wa bil-ḥaqqi nazal(a), wa mā arsalnāka illā mubasysyiraw wa nażīrā(n).
[105]
Kami nurunkeun (Al-Qur’an) kalayan bener. Al-Qur’an téh mémang turun kalayan mawa bebeneran. Teu pati-pati Kami ngutus hidep (Muhammad) iwal ti sangkan jadi nu méré pangbubungah jeung ancaman.
وَقُرْاٰنًا فَرَقْنٰهُ لِتَقْرَاَهٗ عَلَى النَّاسِ عَلٰى مُكْثٍ وَّنَزَّلْنٰهُ تَنْزِيْلًا١٠٦
Wa qur'ānan faraqnāhu litaqra'ahū ‘alan-nāsi ‘alā mukṡiw wa nazzalnāhu tanzīlā(n).
[106]
Al-Qur’an téh Kami turunkeun sabagian-sabagian sangkan hidep bisa macakeun éta (Al-Qur’an) ka manusa saeutik-saeutik. Kami nurunkeun éta (Al-Qur’an) téh nungtut (luyu jeung kabutuhan).
قُلْ اٰمِنُوْا بِهٖٓ اَوْ لَا تُؤْمِنُوْاۗ اِنَّ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ مِنْ قَبْلِهٖٓ اِذَا يُتْلٰى عَلَيْهِمْ يَخِرُّوْنَ لِلْاَذْقَانِ سُجَّدًاۙ١٠٧
Qul āminū bihī au lā tu'minū, innal-lażīna ūtul-‘ilma min qablihī iżā yutlā ‘alaihim yakhirrūna lil-ażqāni sujjadā(n).
[107]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Maranéh rék iman kana Al-Quran, heug; atuh henteu ogé, heug! Saenyana jalma-jalma anu saméméhna geus dibéré élmu. Nalika dibacakeun (Al-Qur’an) ka aranjeunna, brek baé ngantelkeun tarangna sarujud.”
وَّيَقُوْلُوْنَ سُبْحٰنَ رَبِّنَآ اِنْ كَانَ وَعْدُ رَبِّنَا لَمَفْعُوْلًا١٠٨
Wa yaqūlūna subḥāna rabbinā in kāna wa‘du rabbinā lamaf‘ūlā(n).
[108]
Aranjeunna nyarita, “Maha suci Pangéran abdi sadaya. Saleresna jangji Pangéran abdi sadaya pasti bakal kacumponan.”
وَيَخِرُّوْنَ لِلْاَذْقَانِ يَبْكُوْنَ وَيَزِيْدُهُمْ خُشُوْعًا ۩١٠٩
Wa yakhirrūna lil-ażqāni yabkūna wa yazīduhum khusyū‘ā(n).
[109]
Aranjeunna (nyuuh) ngantelkeun tarangna bari jeung ceurik sarta beuki tambah deui husuna.
قُلِ ادْعُوا اللّٰهَ اَوِ ادْعُوا الرَّحْمٰنَۗ اَيًّا مَّا تَدْعُوْا فَلَهُ الْاَسْمَاۤءُ الْحُسْنٰىۚ وَلَا تَجْهَرْ بِصَلَاتِكَ وَلَا تُخَافِتْ بِهَا وَابْتَغِ بَيْنَ ذٰلِكَ سَبِيْلًا١١٠
Qulid‘ullāha awid‘ur-raḥmān(a), ayyam mā tad‘ū fa lahul-asmā'ul-ḥusnā, wa lā tajhar biṣalātika wa lā tukhāfit bihā wabtagi baina żālika sabīlā(n).
[110]
Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Pék geura gero ku aranjeun Ya Allah atawa Ya Rahman, da ku jenengan nu mana baé aranjeun ngadoa (éta hadé), apan Mantenna téh kagungan jenengan-jenengan anu saé pisan (Asmaul Husna). Kadé hidep ulah tarik teuing dina (babacaan) salat, ogé ulah lalaunan teuing, 541 pék téangan jalan di antarana (anu sineger tengah).
541) Maksudna ulah bedas teuing nalika maca ayat Al-Qura’an keur waktu salat, atawa ulah lalaunan teuing, tapi cukup sakadar kadangu ku ma’mum.
وَقُلِ الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ لَمْ يَتَّخِذْ وَلَدًا وَّلَمْ يَكُنْ لَّهٗ شَرِيْكٌ فِى الْمُلْكِ وَلَمْ يَكُنْ لَّهٗ وَلِيٌّ مِّنَ الذُّلِّ وَكَبِّرْهُ تَكْبِيْرًا ࣖ١١١
Wa qulil-ḥamdu lillāhil-lażī lam yattakhiż waladaw wa lam yakul lahū syarīkun fil-mulki wa lam yakul lahū waliyyum minaż-żulli wa kabbirhu takbīrā(n).
[111]
Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sadaya puji kaagungan Allah anu teu kagungan putra, sareng teu aya sarékat kanggo Mantenna dina karajaana-Na. Ogé Mantenna teu peryogieun nu nulungan tina kahinaan, sarta pék geura agungkeun Mantenna ku aranjeun kalayan saagung-agungna.”